Sabtu, 14 Oktober 2017

puisi nu can kakocapkeun


Tepung 2 taun
karasa alon nunutur tuur
pikeun ngubaran nu raheut
nyait hate nu gudawang
malikeun tibelat nu can kacacapkeun
ngusapan nu awor ku cimata...
Tepung 2 taun
aya nu nyelekit
waktu manggihan kapapait
ayeuna kuring didieu
ukur bisa munajat
ka nu ngawasa alam murbeng
ngintun du'a ka nu pernah mapaes hate nu kungsi tibelat
Allohummagh firlahu
warhamhu
wa 'aafihi
wa'fu 'anhu..
amiin yaa robbal alamiin