Rabu, 25 Juli 2012

carpon

CHARLES
               



  Ngaran nu sabenerna mah teuing saha da manehna  tara balaka.Kuring oge teu nyaho manehna timana asal jeung saha kolotna teuing naon deuih pagaweannana.Tapi kuring teu paduli kana sagala identitas nu kumanehna dirusiahkeun.
                  Kuring panggih jeung manehna can lila,kakara tilu bulanan meureun.Panggih dina hiji sore waktu kuring balik ngantor.Harita kuring jeung manehna pasangrok di pengkolan ampir we katajong sukuna ku kuring ,ari kuring tonggoy nempo jalan ari manehna kalah neuteup kuring.Hate meni nyeredet waktu teuteup paamprok.Aya hiji rasa nu teu bisa digambarkeun.Nyeh kuring imut ka manehna,duh eta teuteup socana nu seukeut matak nyeblak jeung surser kana hate.
                  Ti harita manehna remen ulin ka imah.Geus matuh datangna teh,nyaeta isuk-isuk saencan kuring indit jeung balik kuring ngantor sore-sore.Ari datang ku kuring mah sok buru-buru disuguhan susu sagelas,bangun nikmat teh nyuruputna.Salian susu manehna sok disuguhan dahar.Manehna mah teu olo-olo sagala dahareun asup,boh roti,sangu,lauk,sayur,komo mun jeung daging hayam mah meni ngalimed,ngan kadaharan nu teu dipikaresep mah ukur sambel jeung lalab atah.Matak kuring nyaho teh pedah we waktu ku kuring disuguhan dahar sangu jeung asin katut sambel lalab,manehna mah ukur ngadahar sangu jeung asin wungkul.
Lamun isuk-isuk rengse sarapan manehna sok langsung gogoleran dina sofa hareupeun tipi sabot nungguan kuring ganti baju jeung dangdan.Kuring geus euweuh kaera mun ganti baju hareupeun manehna da ku kuring geus teu dianggap nu lian deui.Manehna sok tuluy nganteurkeun tepi ka sisi jalan nungguan angkot da manehna tara daek di imah kuring lamun euweuh kuring mah.
Lamun sore-sore manehna datang sarua deuih tara loba omong.Ngan kuring geus ngarti sorangan nyuguhan manehna.Eta oge kadang-kadang mah cape balik ngantor teh biasana teu kudu popolah ari ayeuna kudu wae aya kadaharan.Tapi parasaan kitu buru-buru disieuhkeun,kuring sieun kaleungitan manehna.
Sanggeus beres barang dahar manehna sok maturan kuring hareupeun tipi bari gogoleran na pangkuan kuring.Kukuring sok diusapan sirahna nu lemes.Lamun keur sasarean kitu sok ditilik-tilik,beungeutna meni kasep atuh awakna sembada,gagah,pokona mah lamun aya nu nyebutkeun teu bogoh ka manehna teh munapek we.Kuring yakin pasti loba awewe nu naksir manehna tapi ku kuring tara ieuh ditanya nukararitu.
Kadang-kadang kuring sok hayang sakali-kali  mah diusapan ku manehna tapi manehna mah sok egois,kalah kuring nu kudu ngusapan manehna,kuring hayang ngagoler na pangkuan manehna,tapi waktu sakali mangsa ku kuring dilendehan awakna lain resep manehna mah kalah ngagoak jeung nyorongot tuluy ngajleng nyingkahan.Nyeri pisan karasana na hate teh,ah tapi teu papanjangan tuluy kuring ngelehan ngajak manehna lelendehan na pangkuan deui.
              Manehna sok ninggalkeun imah lamun geus waktuna kuring sare.Sigana manehna betah keneh di imah kuring tapi ku kuring sok dititah indit asa ragap kudu sare paduduan di kamar mah jeung sieun ku tatangga diomongkeun.
Saban poe minggu manehna sapoe jeput maturan kuring.Ku kuring sok diajak jogging mun isuk-isuk,tara jauh-jauh paling ge semet pengkolan da manehna tara daek diajak indit jauh.Baheula oge pernah kuring ngajak jogging kanu rada jauh kalahka mugen embungeun atuh kuring ngan sorangan euweuh nu maturan.
Kagiatan rutin dina minggu sore kuring jeung manehna sok jalan-jalan kasabudeureun lingkungan RT bari silaturahmi ka tatangga sabab meh unggal poe kuring teu panggih jeung maranehna.Tatangga tara naranyakeun saha nu ngabaturan kuring,da maranehna oge surti meureun yen eta teh soulmate kuring.
Hiji mangsa kuring keur gogoleran na ranjang balik ngantor.Awak asa teu ngarareunah ti saprak di kantor keneh.Manehna oge aya di hareup keur gogoleran na sofa,tara wanieun nyampeurkeun ka kamar da kukuring tara dibere omber.Meureun lapareun gerentes kuring sabab ti barang datang manehna teu disuguhan nanaon da kuring teu kuat rieut, boro-boro bisa nyampakkeun kadaharan keur manehna dipake nangtung oge geus teu kuat.Kakara oge ngalenyap kadenge aya nu murag ti luhureun meja.Geuwat kuring nyampeurkeun geuning Hp nu keur di cas luhureun meja gigireun tipi murag tepi ka beulah.Kasampak manehna keur nangtung deukeut tipi.”Astagfirulloh………….na kunaon tepi karuksak ieu Hp?”kuring ngagorowok.Manehna teu ngajawab kalahka olohok.Kuring meni ambek keur teh teu ngeunah awak terus nempo Hp nu kakara ngiridit bulan kamari ruksak,teu antaparah manehna ku kuring dibabuk jeung ditajong.Manehna teu ngalawan kalah tuluy lumpat ka luar.
Ti kajadian harita manehna teu embol-embol deui meureun teu ngeunah ka kuring.Sapoe dua poemah teu karasa sono sabab ambek keneh ka manehna.Saminggu dua minggu kakara aya rasa sono ka manehna.Ku kuring sok ditutungguan lebeng teu datang-datang,kuring remen ngagoreng hayam karesepna sugan jeung sugan manehna nyampeurkeun eh…suwung wae.Ku kuring sok diteangan kamana-mana jeung mapay-mapay nanyakeun ka tatangga sugan aya nu nyaho  atawa pernah panggih jeung manehna kabeh ge gideug kalah malik nanya ka kuring naon sabab musababna manehna indit ku kuring tara ieuh dibejakeun da etamah privasi kuring jeung manehna.
Geus sabulan campleng manehna teu datang.Beuki dieu beuki karasa kasono minuhan batin.Hate teu genah, dahar teu nikmat atuh sare oge teu tibra.Kuring mindeng ngimpikeun manehna.Lamun tengah peuting sok lilir inget wae ka manehna tepikeun kaparat teu bisa dipeureumkeun deui tepi ka isuk-isuk.Atuh awak  beuki nyirorot tepi ka kuring gering parna.Untung we aya tatangga nu bageur,Bi enah,nu unggal poe maturan kuring,mangnyieunkeun bubur,ngahuapan,jeung mere nginum obat.Kuring kaleleban ku manehna.Kuring teu bisa ngaleungitkeun bayangannana tina kongkolak mata.Kabayang gagahna,kasepna,ogona,ehm…….
sagalana hese dipopohokeun.Bi Enah mineng mapatahan kuring ulah sok nginget-nginget lalaki pantar kitu.Pantes pisan diaranan Charles teh da sarua jeung sipatna nu lamun dicari-cari sok ngereles,pajarkeun teh neang deui we lalaki sejen nu leuwih punjul ti manehna da loba cenah lamun perlu ku Bi Enah rek dipangneangkeun nu leuwih kasep.Kuring kekepehan nolak da hate kuring teu gampang mikanyaah ka lalaki nu lain.
Harita isuk-isuk keneh sanggeus beres ngurus kuring Bi Enah pamitan heula rek ka Cianjur ngalayad emangna nu tilar dunya.Atuh kuring sosoranganan di imah da can kuat ka kantor.Kuring ngagoler na sofa hareupeun tipi bari ngumbar lamunan.Panto hareup ngahaja dibuka da hayang aya angin nu ngahiliwir
               Gebeg kuring reuwas waktu karasa aya nu nyiuman awak kuring.Ari direret ..breh we hiji lalaki nu dipicamcam beurang peuting ayeuna aya nangtung digigireun kuring.Goak kuring ceurik bari nanangkeup manehna,kukuring diciuman geus teu nolih kaera.Kuring atoh bisa panggih deui jeung manehna kuring sieun ditinggalkeun deui, tapi barang ningali pangawakannana sereset hate peurih lir ibarat diturih ku hinis,awakna nu gagah robah tinggal tulang dibungkus kulit,atuh beungeutna nu kasep teh ayeunamah katempo kenyos jiga aki-aki katingalina ramohpoy siga nu leuleus, nu baheula laluis jeung sareungit teh ayeuna mah asa barau jeung kotor marehong siga tas guyang na hawu.Ehm…deudeuh teuing jungjunan meni teu sangka anjeun bisa robah saratus dalapan puluh darajat eta salira nu gagah tandang tur sembada teh.
Teu kaleked kuring geuwat ka dapur mangnyieunkeun susu.”Na atuh anjeun  kamana wae salila ieu teh?”,Tanya kuring bari ngocekkeun susu.Manehna teu ngajawab kalah buru-buru nyuruput susu siga nu nikmat.Bari nginum susu ku kuring diusapan pinuh kadeudeuh,”jangji nya moal ninggalkeun deui,awas mun sakali-kali deui!”,cekeng teh semu ogo.”Meooonggg…..meeeoooonnnnggggg……..”,tembal manehna sanggeus rengse nginum bari ngalendotan kana suku.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar