Rabu, 25 Juli 2012

Lenyepan

NU GEUS LANGKA

“Sia jeung kulawarga bakal ngarasakeun akibatna lamun sia terus-terusan nolak kana tawaran bos aing.Sia dibere waktu sabulan deui keur mikir!Lamun bulan hareup aing kadieu sia ngabandel wae,awas!Ulah handeueul lamun kulawarga sia ruksak.Pamajikan sia paeh,anak parawan sia nu keur meumeujeuhna ku aing sabatur-batur dihakan kaparawanannana,imah jeung sawah sia beak diduruk,atuh sia bakal gelo engkena!”,ceuk manehna bari ngagebrak meja satarikna tepikeun ka mehmehan Beulah.,geus euweuh tatakrama deui.Basa nu garihal jeung teu pantes diucapkeun ku nu ngaku jelema ngaburudul kabeh teu disortir sahurup-hurup acan.Rengse  hohoak kitumah brul we eta kasapuluh jelema jarangkung gede teh ninggalkeun pakarangan.Kuring bati ngajentul nempokeun tonggong maranehna bari teu petot-petot istigfar jeung ngadua mementa ditangtayungan ku Alloh nu maha asih.
Gusti….kunaon jalmi bisa kitu peta kapapadana?Padahal abdimah gaduh niat teh nu sae hoyong ngamumule rezeki ti Anjeun.
Kuring teh hiji patani nu boga sawah di pilemburan nu geus deukeut ka wilayah kota.Sawah kuring kaitung lega ceuk baturmah nya aya we kana sahektar mah.Sawah kuring dipelakan pare tur patani nu ngagarap sawah aya kana dua puluh urangna,kabeh ge tatangga kuring.Maranehna ngagantungkeun waragad sapopoena tina ngagarap sawah.Kuring hayang mupusti titinggal kolot kuring.Masih seukeut keneh ingetan kuring waktu mama mere wasiat ka kuring basa anjeunna bade ninggalkeun alam fana.”Ujang….kahade mama nitipkeun sawah ka hidep.Omat ulah tepi ka dijual masing butuh kalah kumaha ge.Mama nitip pagawe nu ngagarap sawah urang.Lamun sawah euweuh rek kumaha peta maranehna.Kahade ulah kabongroy kudunya.Keun we baturmah rek ngajarualan sawahna oge.Urangmah ulah tuturut munding.Karunya dulur-dulur urang lamun euweuh sawah rek dahar sangu timana apanan beuki dieu sawah beak diparake parumahan.”
Tapi geuning ngajaga amanat nu alus teh meni beurat kieu.Kuring geus kadatangan jelema-jelema asing nu teu warawuh nu keukeuh maksa sawah dijual kamaranehna.Pajarkeun teh cenah ulah sok ngahalang-halang pangwangunan di lembur ieu.Can tatangga loba nu ngosolan meh sawah geura dijual pajarkeun  lamun sawah kuring dijadikeun apartemen modern  lembur kuring bakal jadi kota nu antukna mangaruhan harga taneuh di lembur kuring bakal ngaronjat.Sababaraha puluh kali nu nawar sawah sababaraha puluh kali kuring keukeuh gideug,jawabannana ‘moal’.
………………………………………………………………………………………......
“Bapa-bapa sareng Ibu-ibu guru nu ku sim kuring dipihormat.Urang kedah sami-sami merjuangkeun kalulusan barudak urang.Saha deui nu rek nulungan maranehna iwal ti urang?Tah ayeunamah Bapa Ibu diperedih kasatiaan kana propesionalisme urang.Teu kedah seueur saur pami aya nu rada aneh.Keun we teu jujur sababaraha poe mah da demi anak urang oge.Bapa Ibu alim kan pami nami sakola urang awon kumargi seueur siswa nu teu lulus?Panginten moal aya deui kapercayaan ti masarakat ka sakola urang.Masarakat bakal ngecap guru-guru di dieu barodo sadaya.Komo pami ningal kana input barudak,jajauheun pisan kenging niley 5,25 teh.Kusabab eta sakali deui sim kuring ngaharepkeun partisipasi  sareng dedikasi saderek sadaya”,saur pamingpin rapat bari nutup ceramahna.”Astagfirullohaladzim….abdi kedah kumaha?”
“Bapa…..!”barang kukuring dilieuk horeng si Ina murid kelas XII IPA lumpat nyampeurkeun kuring nungalenghoy balik ngawas ujian poe panungtung.”Bapa,abdimah nyeri hate,rerencangan abdi tos tarerang jawaban ujian.Maenya geura sateuacan lebet sakola maranehna naruliskeun jawaban ABCna.”
“ari Ina oge nulis?”walon kuring.”Henteu atuh,Bapa.Abdimah emut keneh kana cariosan Bapa,yen Alloh gaduh sifat Bashor.Anjeunna maha uninga kana sagala nudipilampah kuurang.Upami urang teu jujur apan sami sareng urang teu percanten ka Anjeunna nu tiasa ningal ka urang.Pokona abdimah tos ngapalkeun unggal dinten.Hasilna sae atanapi awon mah tos disanggakeun ka mantenna.Saur Bapa oge kan  kajujuran teh mahal hargana”.”Alus”,ceuk kuring bari ngacungkeun dua jempol kamanehna.”Yey…..eta mangsi napel keneh na ramo,berarti Bapa teu ibak,nya?hi…hi…hi….”,si Ina cicirihilan bari lumpat ninggalkeun kuring da sieuneun di jewer.”Alhamdulillah,geuning hasil ngatik kuring teh aya tapakna.Kuring reueus ku murid nu jiga kieu.Coba lamun aya rebuan Ina nu bisa boga prinsip jeung wani mertahankeun prinsip eta,meureun hasil ujian teh murni samurni-murnina,teu karasa cimata kuring ngeclak ngalembereh mapay pipi.Cimata bungah cimata puas cimata nungandung harti ratusan parasaan kuring nu teu bisa dikedalkeun.
…………………………………………………………………………………………..
“Mangga geura ditawis proposalna ku Bapa.Engke pami tos cair tangtos Bapa bakal nampi konci mobil”,bari ngomong kitu teh manehna ngesorkeun map biru ka hareupeun kuring.Barang dibuka breh aya cek saratus juta.Ku kuring dibaca proposalna anu ngeunaan panggunaan lahan hutan lindung nu rek dipake wangunan.”Ke..ke heula,kunaon saderek wantun-wantun rek ngawangun di hutan lindung ieu?Kan saderek terang pamarentah tos ngancokeun lahan nu teu kenging di ganggu gugat  kanggo ngalindungi tatangkalan nu geus ampir punah?Teu..abdi moal ngidinan sareng punten ieu cek candak deui”,ceuk kuring bari mikeun map ka manehna.
Sababaraha poe tidinya kuring narima surat nu unina ngeunaan rotasi pagawe di lingkungan  departemen tempat dimana kuring gawe salila ieu..
………………………………………………………………………………………….
“Jang,ari dagang di jaman ayeunamah moal meunang bati atuh lamun maneh terus-terusan make nu aslimah.Sok geura tambahan gula teh ku saharin terus esna meuli di pengkolan jeung make gincuna ulah nu keur kadaharan,ganti ku gincu baju!”mang Parman mapatahan kuring nu salila ieu nyieun sirop make bahan-bahan asli nu hargana mahal.Memang karasa ku kuring,tina modal saratus rebu  kuringmah ngan meunang limalas rebu eta teh ti isuk jedur tepikeun ka sore jeder.Ari baturmah tina duit sakitu teh bisa ngalipet beubeunangannana.Tapi teu jadi aral keur kuringmah nupenting usaha kuring halal jeung teu ngarugikeun batur ,teu matak nyilakakeun batur.Kuring sieun lamun rek make bahan-bahan nu ku mang Parman dibejakeun sabab kuring pernah maca cenah bahan-bahan nu kitu teh bisa ngaruksak kana ati jeung ginjal lamun dikonsumsi terus-terusan katut es nu dijualan di depot es pengkolan jalan na luhureun susukan oge apan dijieunna tina cai atah nu loba kumanna sedengkeun nu meuli teh lolobana barudak leutik.Inget ceuk indungna si Deden,langganan kuring,”Sayamah percaya sama mang Nono teh soalnya semua bahannya serba asli,teu cangcayalah kalo si Deden beli tiap hari juga”.
“Bapa……bapa……roda es bapa aya nu ngaruksak,”si Asep anak kuring gogorowokan di buruan.Ari breh teh gebeg kuteungteuingeun jelema,roda dagangan geus ancur dikadekan jeung dagangan sirop nu rek diiangkeun ngabayabah di buruan,aya kertas sacewir deukeut es nu ngagoler’ulah sok mangaruhan barudak.Ganti bahan-bahan sirop kunu murah.Lamun embung,maneh ulah dagang deui’.
…………………………………………………………………………………………
“Pa,mangga ieu bon sareng kuitansi kosong,”palayan toko ngasongkeun ka kuring.Bari kerung kuring nanyakeun naon maksud kuitansi kosong teh.”alah…Teeste aza,Pa.Jangan berlaga sok gak tahu”,manehna kalah nembal jiga kitu.
Barang tepi ka kantor si Rudi babaturan kuring sarohangan nyampeurkeun bari  hariweusweus waktu kuring mawa ATK samobil teh.”Ron….kadieukeun ku sayah we dibikeunna kuitansi jeung sesa duitna.Teu talangke ku kuring dibikeun rikat we kumanehna dicokot bari semu lumpat muru rohangan direktur.Isukannana kasampak si Rudi keur ngoprek hape nu aya tipian.”hei Ron,yeuh mere keur ente”,ceuk manehna bari mikeun hape tilas manehna.”Maneh butuh hape,lin?bae nu jadul oge nu pentingmah bisa dipake,bener teu?”bari ngomong kitu teh si Rudi  umat imut jiga nu bungah.Bray kukuring hape teh dibuka, dicobaan nya teu butut-butut teuing da si Rudi mah apik kana barang , tombolna aralus keneh tur mulus keneh kesingna oge,layarna monokrom atuh musikna oge monoponik keneh.”Bodo,manehmah”,celengkeung teh sora si Anton ti juru rohangan bari ngabarakatak teuing naon maksudna.
………………………………………………………………………………………
“Bapana….bapana……..cing atuh sare teh di kamar,ieumah kabiasaan pisan ari nongton tipi  sok terus nyegrek,”pamajikan ngaguyah-guyah.Bray beunta horeng kuring tas sare meni pules,jeung eta beurang-beurang mani bisa ngimpi sagala deuih jeung ngimpi teh sababaraha babak.Ari kukuring dibejakeun kapamajikan  jawabannana cenah kuring teh loba teuing nongton berita na tipi bari terus kasarean,jadi we kabeh kabawa ngimpi. 








                                                                 Dunya numatak hariwang.awal Rajab,1429 H

Tidak ada komentar:

Posting Komentar